Kue Ciwit

    Jawa Barat miboga asal-usul tina karajaan Sunda baheula, saperti karajaan Sunda (Pajajaran). Tina karajaan-karajaan eta lahir budaya Sunda nu tuluy hirup nepi ka ayeuna sarta diwariskeun ka generasi salajengna. Budaya Sunda katingali dina basa, adat istiadat, kasenian, jeung tata krama masarakatna. Ku kituna, Jawa Barat dipikawanoh minangka tanah Pasundan nu boga sajarah panjang, budaya nu kuat, jeung ajen kahirupan nu luhur.

    Kadaharan khas Jawa Barat biasana miboga rasa anu seger, henteu amis teuing. Ieu hal patali jeung kabiasaan masarakat Sunda anu resep kana kadaharan anu alami jeung basajan tapi tetep ngeunah. Kadaharan khas Jawa Barat henteu ngan saukur ngeunah, tapi oge ngagambarkeun budaya jeung kahirupan masarakatna.

    Kue Ciwit teh mangrupa salah sahiji jajanan tradisional anu geus lila dipikawanoh di Indonesia. Asal-usul Kue Ciwit can aya catetan anu pasti pisan, tapi Kue Ciwit mimiti dina taun 1990-an di wewengkon Jakarta. Dina mangsa harita, Kue Ciwit janten jajanan anu populer di kalangan barudak sakola. Ngaran Kue Ciwit asalna tina cara nyokotna tina cetakan. Sanggeus asak, Kue Ciwit diangkat make capitan Kue Ciwit. Wangunna leutik-leutik jeung biasana di dahar bari haneut keneh.

    Kue Ciwit teh miboga rupa-rupa rasa anu ayeuna mah beuki loba. Baheula Kue Ciwit biasana ngan aya rasa polos atawa cokelat wungkul, tapi ayeuna geus loba pisan pilihan rasa, ciga keju, green tea, red velvet, taro jeung sajabana. Ku ayana rupa-rupa rasa kitu, Kue Ciwit jadi leuwih matak resep jeung dipikaresep ku loba jalma.

    Kue Ciwit mimiti dipikawanoh di Indonesia taun 1990-an, utamana di wewengkon Jakarta. Ngaran Kue Ciwit dicokot tina cara nyokotna jajanan basajan anu sok dijual di sabundeureun sakola atawa tempat anu rame.

    Kue Ciwit dipikaresep ku masarakat Indonesia sabab rasana nu amis jeung raos, teksturna lemes. Salian eta, hargana murah jeung gampil di panggihan dimana-mana. Kue Ciwit oge bisa di bere rupa-rupa toping, jadi nu ngaemamna teu gampil bosen.

Bahan-bahan Kue Ciwit:

1. Tipung tarigu.

2. Endog.

3. Gula bodas.

4. Susu cair.

5. Mantega.

6. Baking Powder.

7. Cokelat bubuk, vanili, atawa keju lamun hayang rasa sejen.

Cara nyieun Kue Ciwit:

1. Endog di campur jeung gula bodas, teras dikocok nepi ka rata.

2. Saenggeus eta, asupkeun susu cair jeung margarin anu geus dileyurkeun, tuluy dikocok deui.

3. Tambahkeun tipung tarigu jeung baking powder saeutik-saeutik bari teras dikocok nepi ka adonanna rata.

4. Cetakan Kue Ciwit dipanaskeun heula, tuluy adonan dibahekeun kana cetakan.

5. Kue Ciwit diasakan sababaraha menit nepi ka asap nurutkeun resep karesep.

6. Saenggeus asak, Kue Ciwit diangkat jeung siap di pidangkeun bari haneut keneh.

    Proses digitalisasi Kue Ciwit dimimitian ku cara ngajualna ngaliwatan media digital. Lamun baheula Kue Ciwit ngan dijual langsung di jalan atawa warung leutik.

Komentar