Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2026

Kue Ciwit

     Jawa Barat miboga asal-usul tina karajaan Sunda baheula, saperti karajaan Sunda (Pajajaran). Tina karajaan-karajaan eta lahir budaya Sunda nu tuluy hirup nepi ka ayeuna sarta diwariskeun ka generasi salajengna. Budaya Sunda katingali dina basa, adat istiadat, kasenian, jeung tata krama masarakatna. Ku kituna, Jawa Barat dipikawanoh minangka tanah Pasundan nu boga sajarah panjang, budaya nu kuat, jeung ajen kahirupan nu luhur.      Kadaharan khas Jawa Barat biasana miboga rasa anu seger, henteu amis teuing. Ieu hal patali jeung kabiasaan masarakat Sunda anu resep kana kadaharan anu alami jeung basajan tapi tetep ngeunah. Kadaharan khas Jawa Barat henteu ngan saukur ngeunah, tapi oge ngagambarkeun budaya jeung kahirupan masarakatna.      Kue Ciwit teh mangrupa salah sahiji jajanan tradisional anu geus lila dipikawanoh di Indonesia. Asal-usul Kue Ciwit can aya catetan anu pasti pisan, tapi Kue Ciwit mimiti dina taun 1990-an di wewengkon Jak...